Minggu, 13 April 2014

Babasan Bahasa Sunda

Babasan Bahasa Sunda
1.   Atah = Langka silih anjangan
2.   Adigung Adiguna = takabur, sombong
3.   Alas Paul = jauh pisan
4.   Ayem Tentrem = tenang teu aya kasieun
5.   Asa teu beungeutan = awahing ku era
6.   Amis Budi = hade paroman
7.   Amis Daging = babari katerap kupanyakit
8.   Awak Sampayan = make baju naun ge pantes
9.   Beurat Birit = hese dititah
10. Birit aseupan = teu daek cicing
11. Balungbang timur = nuduhkeun hate beresih
12. Badak cihea = degig
13. Babalik Pikir = insap
14. Balik pepeh = nu gering teu daek cicing
15. Buntut Kasiran = medit
16. Bodo Alewoh = bodo tapi daek tatanya
17. Beja mah beje = beja ulah waka dipercaya
18. Bancang Pakewuh = pikasusaheun
19. Bulu Kapaut = kabawa kubatur
20. Balabar Kawat = beja nu sumebar
21. Beak Dengkak = sagala ikhtiar geus diusahakeun tapi teu hasil bae
22. Cueut kaharep = tereh maot
23. Disakompet daunkeun = disaruakeun / disamarutkeun
24. Dibenjer beaskeun = dijentrekeun / dieceskeun
25. Dogdog panrewong = acara panambah
26. elmu Ajug = bisa mamatahan batur, ari sorangan teu bisa ngamalkeun
27. Dug hulu pet nyawa = usaha satekah polah
28. Gede Hulu = sombong
29. Laer Gado = sok culamitan
30. Tikoro Gorokeun = nyanggakeun sadaya-daya
31. Ceuli lentaheun = awas pisan pangdengena
32. Gantung Denge = masih dedengusan
33. Taktak Korangen = taktakna sonday siga kurang
34. Baro Mengmengan = taya kasabaran
35. Galegeh Gado = sagala dicaritakeun
36. Ginding Kempis = ginding tapi sakunamah kosong
37. Garo singsat = pagawean awewe dimana keur aya ka teu panuju
38. Gurat Batu = pageuh kana janji / mawa karep sorangan
39. Goong saba karia = ngagulkeun diri sorangan
40. Geutas Harupateun = ganjang napsu
41. Gindi pikir belang bayah = goreng hate
42. Hampang Birit = gampang dititah
43. Heuras Genggerong = omongana teureugeus, hayang menang sorangan
44. Hutang salaput Hulu = hutangna kaditu kadieu
45. Hejo tihang = sok pundah pindah pagawean
46. Harigu manukeun = dadana nonjol kaharep
47. Harewos Bojong = ngaharewos tapi teu kadenge kubatur
48. Handep Lenyap = omongana lemes tapi ngahina
49. Heureut pakeun = kurang kaboga
50. Hampang leungeun = sok tunggal teunggeul
51. Atah warah/Bongkar warah = Kurang Didikan
52. Dibabuk lalayakeun = dibabuk kenca katuhu
53. Kurung batokeun = tara indit-inditan
54. Kokolot Begog = budak pipileun ngomong kana urusan kolot
55. Kapas nu di pupul bayu = leuleus taya tangan pangawasna
56. Kejot borosot = ganjang nyokot kaputusan teu dipikir heula
57. Kahieuman Bangkong = beunghar katitipan barang batur
58. Kawas Jogjog mondok = teu daek repeh
59. Kelek jalan = deukeut tapi jalana teu ya nu leumpeung
60. Kawas jeler kasaatan = teu daek cicing
61. Kawas Gaang katincak = jempe
62. Kandel kulit beungeut = teu aya ka era
63. Kujang dua pangadekna = pagawean nu maksudna dua cabak
64. Kawas kedok bakal = goreng patut pisan
65. Kaliung kasiput = loba baraya beunghar
66. Kulak canggeum = milik nu tos ditangtukeun ku Gusti Allah SWT
67. Kembang Buruan = budak nu keur resep ulin
68. Kawas merak = beuki kana cengek
69. Leuleus jeujeur liat tali = gede tinimbang
70. Leuleus awak = daekan
71. Laer Gado = resep barang penta
72. Lesang kuras = teu bisa nyekel duit
73. Leupeuh Yuni = teu kuat nempo nu cilaka
74. Murag bulu bitis = teu daek icing diimah
75. Miyuni kembang = loba nu mikaresep
76. Miyuni tai = loba nu mukangewa
77. Miyuni kohkol = nasibna diteunggeulan wae ku batur
78. Ngabuntut Bangkong = teu puguh tuluyna
79. Nyolong bade = bangun daek tapi jahat
80. Nyaah Dulang = kabudak nyaah ngurus daharna wungkul, pendidikana teu dipirosea
81. Nyeplak Jawer = taya wawanen
82. Ngadaun Ngora = jadi rame
83. Nyoo Gado = ngunghak
84. Ngadu Geulis = paalus alus
85. Neundeun piheuleut = ngajak goreng
86. Ngadepaan lincar = api-api ngaliwat hayang diaku, ngarep-ngarep pamere
87. Nyiduh Kalangit = sahandapeun mamatahan saluhureun
88. Mapatahan Ngojay = ngabejaan kanu pinter
89. Panjang leungeun = sok puak paok / cukat cokot
90. Panjang lengkah = jauh panyabaan
91. Pindah pileumpangan = robah adat
92. Sisit Kadal = goreng milik
93. Saur Manuk = ngajawab bareng
94. Siuen Meubeut Beurit = sieun kabawa
95. Tuturut Munding = sagala rupa nurutkeun batur
96. Wawuh Munding = wawuh ngansaliwat
97. Beuteung anjingeun = beuteung gede kaharep

0 komentar:

Posting Komentar